Social Icons

Pages

Minggu, 18 April 2010

Balai Batu Tonggong Kuya


Tilu puluh tujuh taun ka tukang mimiti pisan nincak ka tempat ieu. Ninggalken hiji kota gede, nu ngarana Jakarta. Hijrah ka lembur asal kalahiran pun biang, nya eta kampung Kaum Kidul. Hiji tempat nu aya di puser Cicurug. Teu kawas ayena, harita di lembur ieu kabayangken keneh rasa lemburna. Hawa tiis nyecep mun ti miti sore nepika isukna wanci moyan. Rubah kaberangna tangari tara ieuh pisan haredang bayengyang. Mun hujan tara ieuh ledog cilencang ku warna hideng lekot bari hinyay kacampuran sarupaning kokotor nu kapalidken ti jalan gede wetanen imah. Mun hujan turun tiberang, raatna ka wanci ashar. Ka ambeu bauna taneh baseh jeung balai batu nu nyusun rapih nonggong kuya. Sengitna hejo dangdaunan kahiliwirkeun ku angin sore. Kenca katuhu jalan balai tina batu ngalirken cai hujan nu turun. Lancar palid ka kulonken, mapai ka lebah mudun tara ieuh ka halang ku gundukanna runtah ataw palidna bari mamawa runtah sarupaning palastik keresek, botol, gelas palastik wadah cai nginum, kaleng-kaleng, komo deui urut ban luar wahon mah. Mun lempang ka wetanken, sababaraha imah ti kenca katuhu lebah harepenna dipageran ku tangkalan kibeling atawa mamangkokan. Hejo ngagedod warna dangdaunna matak seger katingalina. Aya oge sababaraha nu katambahan ngarambatna emih-emihan warna koneng, tapi teu matak nyareukseukeun tetempoan panon. Gigir masjid gede, imah panggung warna bilik ku kapur bodas. Dua jandela warna berem ku cet meni teu make kaca, sabelah muka kaciri jaruji kayuna ngahalang kaluarna ngelebetna hordeng hejo kolot, nu sabelahna geus ngarekep nutup kaciri aya koroposna ku rinyuh.. Pentasen ka kidul imah panggung nyangharep kaler sarua warna bodas kapur. Make tetecle tilu undakan make ubin koneng selang-seling jeung berem kolot. Tengah-tengah lawang asup teu dipantoan, ngan saukur make kre awi jang nutupken mun tipeting. Ari keur kesel di imah, sok ngadon sasarean na tepas imah sabari ngadengeken cacaritaan aki kuring basa keur bareto ngorana sabari diuk na korsi hoe. Ari si nini mah diuk emok na dipan lebah kulon. Keur nutuan daun sereh na wadah kuningan. Euweuh radio, euweuh tivi. Komo laptop atawa Handphone, matak teu bisa online. Kuringmah gogoleran di handap na tepas tina palupuh awi nu geus lecir, teu make tilam samak komo deui kasur busa. Karasa hiliwir angin ti handap matak mawa tibra sare mun tangari keur bayengyang. Ari keur genah-genah sare, mun hese dihudangken sok dirojokan ku iteukna aki lebah tonggong, atawa di baledog ku gambir sesa nyepah si nini. "Hudang siah, jang..geura ka cai..sholat kadituh..hees wae siah..!", ceuk si aki jeung si nini. Ngorejat bari reuwas, satengah lumpat bragbrigbrug na luhur tepas tengah imah ka dapurkeun. Mukakeun panto kamar cai, sipenteu tina pancuran bak mandi. Ari beres ti cai lainna sholat. Mukakeun panto dapur nu kaluarkeun. Lumpat ka imah kolot sorangan, nuluykeun sare deui...

0 komentar:

Posting Komentar

Sumangga bilih bade ngoementaran, diantosan pisan. Hatur nuhun sateuacanna..Salam ti barudak Kaum Kidul.