Assalamu'alaikum Wr Wb.
Kids 0203 nyaeta mangrupikeun wadah/Sarana sagala rupi kagiatan warga Kaum Kidul RT 02 RW 03 Cicurug, Sukabumi. Khususna nu dipigawe ku barudak ti mimiti tingkatan murangkalih, remaja, dewasa oge para sepuhna.
Kids di dieu nyaeta jargon tiasa oge akronim ti Kaum Kidul Cicurug Sukabumi. Janten Kids sanes Ka Ingris2-an, sanes oge bubudakeun. Ngahaja didamelan blog ieu pikeun nampilkeun informasi atanapi komunikasi ti barudak Kaum Kidul supados nga-global di dunia maya.
Mudah-mudahan wae ayana kids 0203 ieu tiasa nambihan/ngaheurinan dunia maya kangge para netter milarian anu meryogikeun sagala rupi informasi nu aya pakuat-pakaitna sareng Kaum Kidul khususna, atuh umumna sareng Cicurug Sukabumi.
Rupina mung sakitu catur baur ti barudak kids ngalangkungan blog ieu. Kirang langkungna nyanggakeun sadaya-daya ka para wargi netter di marana wae ayana.
Wassalam.
Dedi Kids Ogie
Dedi OgieI want to ride my bicycle...I want to ride my bicycle...ceuk kang Freddy Mercury. Lumayan sih hemat, cape oge, tapi palaurkan di jalanna motor pasuliwer, toronton minuhan jalan, bus silih barius duh can angkot.. Ari geus kudu sapedahan di mana atuh urang Tom..??
Komunitas Kids 0203Di dieu di blog ieu, mangrupikeun tulas-tulis atawa cutat-catetna naon wae anu kapnggih jeung kapikiran di sajeroning utek ti barudak Kaum Kidul Cicurug...