Social Icons

Pages

Selasa, 01 September 2009

Lain Ngalantur Da Ieumah Ubar Tambah Katunduh..

Bilih para facebook'ers atanapi para netter sajagat maya, aya pitarosen na manah sewang2; eta naha cep Ogie ngalabelan kalimah Kids? Kapan etamah bahasa dengen! Hampura ka para sepuh..sim kuring lain hayang pedah gengsi, nepi poho kana jati diri. (Suruduuutt kana cikopi heula..). Keun pribados nu tanggung waler. Tah ngenaan kalimah eta, lain teu boga harti. Pamaksudan ti kami; kulantaran padumukan aya ti pakidulan ti wengkon Cicurug ti lingkung RT di kalurahan Cicurug, hayang boga hiji ciri atanapi jargon nu gampil ka inget anu teu lepas ti padumukan, nya atuh dipake tina akronim atawa pamotongan kecap kidul = kid. Kulantaran jamak da lain soranganan teu weleh ditambahan 's' anu bisa dipasken ka Sukabumi, kapan kami teh jelas bagian ti wengkon Sukabumi. Anu jelas2 oge asup mikacinta dimana cicingna. Rupina mung sakitu heula catur baur lain ngalantur mumpung acan saur..wasalam.